Selasa, 09 Juni 2015

Upacara Adat Sunda dalam Acara Perpisahan Sekolah


Di akhir tahun pelajaran, antara Juni-Juli, di sekolah-sekolah biasanya musim acara perpisahan alias pelepasan siswa kelas akhir (kelas 6 SD, kelas 9 SMP, atau kelas 12 SMA). Dalam beberapa tahun terakhir, upacara pelepasan siswa atau istilah daerahnya 'paturay tineung' dilakukan dengan upacara adat. Memang, upacara adat, sekarang tak lagi didominasi oleh upacara pernikahan. Acara perpisahan sekolah sudah banyak yang menduplikasi upacara adat pernikahan, tentu saja dengan narasi  yang disesuaikan.

SUNDA

Selain untuk menandai telah selesainya masa belajar di sekolah, tata cara perpisahan dengan upacara adat, bertujuan untuk 'ngamumule'  (melestarikan) warisan budaya lokal, dalam hal ini budaya Sunda. Siswa yang akan pergi melanjutkan pendidikannya ke jenjang yang lebih tinggi diharapkan tetap mampu berpijak di bumi tempat ia dilahirkan dan dibesarkan. Raih ilmu setinggi-tingginya, raup pengalaman seluas-luasnya, namun tetap memelihara budaya tanah kelahirannya.


Makna kata Sunda sangat luhur, yakni cahaya, cemerlang, putih, atau bersih. Makna tersebuttidak hanya ditampilkan dalam penampilan, tapi juga didalami dalam hati. Karena itu, orang Sunda yang ‘nyunda’ perlu memiliki hati yang luhur pula. Itulah yang perlu dipahami bila mencintai, sekaligus bangga terhadap budaya Sunda yang dimilikinya.

Rangkaian Upacara Adat Sunda

Acara dibuka dengan narasi dengan iringan gamelan sunda, biasanya memohon izin kepada seluruh hadirin untuk memulai acara :




Assalamu'alaikum warohmatullahi wabarokatuh
Embara ka balarea, Bewara kanu araya.

Kanca baraya nu pada lenggah, sugri pribumi nu pada linggih

Mugi janten uninga, wirehing dina dinten ieu pisan, Saptu 13 Juni 2015

Ku urang sadaya bakal kasakseni prosesi upacara paturay tineung kelas 9 MTsN Garut

Sim kuring saparakanca ti Sanggar Seni MTs N Garut, 
seja ngiring aub jabung tumalapung ngiring icikibung dina widang seni sunda. 
Sasieureun sabeunyeureun ngiring ngaguar titinggal karuhun


  PROSESI UPACARA ADAT DIKAWITAN


*Musik Bubuka

*Tarian Payung
Seorang ponggawa pembawa payung 'midang' sambil menarikan gerakan indah memainkan payung yang akan digunakan untuk memayungi perwakilan siswa yang akan dilepas. Biasanya siswa yang dipilih adalah yang berpreastai secara akademik, putera dan puteri. 

*Tarian Umbul-umbul
Pembawa umbul-umbul terdiri dari 6 orang ponggawa yang akan mengiringi prosesi upacara adat pelepasan atau paturay tineung.
kemudian datanglah mamang lengser.

Lengser adalah tokoh sentral dalam upacara adat Sunda. Tokoh ini digambarkan sebagai 'figur' yang memiliki karakteristik bodor (lucu), polos, namun memiliki kecerdasan yang sulit diduga, sering digambarkan sebagai tokoh yang serba bisa.   Disimbolkan sosok seorang kakek-kakek yang dituakan, mempunyai sifat sederhana, tata krama yang baik,  dan selalu memberi petuah. Lengser lebih banyak menggunakan komunikasi non verbal dalam berinteraksi. 

Pakaian yang dikenakan Lengser biasanya terdiri dari : baju kampret, celana pangsi dilengkapi dengan sarung yang diselendangkan, serta totopong (ikat kepala). Dengan memperlihatkan giginya yang ompong dan gerakan tari lucu, kehadirannya tak pelak selalu mengundang tawa penonton/tamu undangan.

Saat 'midang' atau mentas, lengser hanya 'pepeta' alias bergaya tanpa suara, sebab ucapan lengser akan disuarakan oleh panembang yang akan ngerajah diiringi kacapi suling yang 'ngagelik'. 
Rajah atau ngerajah ditembangkan untuk menghormati roh leluhur serta mohon kepada Yang Mahakuasa. Rajahnya seperti ini :



Sampurasun.....
Amit ampun nya paralun, ka gusti nu maha suci neda pangjiad pangraksa abdi kempel Seuweu Siwi
ka batara neda suka ka batari neda suci
ti luhur sausap rambut ti handap sausap dampal
                    ti kalerna ti kidulna, ti kulonna, ti wetanna
  hung ...ahung .. kula rek diajar ngidung

  Amit ampun nya paralun, bilih manawa manawi
                                          

kemudian dilanjutkan dengan narasi.

 
  Mangga urang sasarengan, mapag nu bade amitan 

Prosesi memasuki pentas Gending Catrik
*Tari Merak (sapasang)
*Mayang - Ngagendeng Panganten (2 orang wakil siswa kelas 9)

Narasi 

Geura lagukeun kidung liwung nu panuhung      
Geura hariringkeun kawih asih tina ati
Sugan teteg ieu lengkah nu rek lunta
Sugan jembar ieu lengkah seja napak

Mun isuk balebat nyingray ti wetan
Srangenge sumirat deui di langit Ciawitali
Nanging boa saukur jadi kalangkang
Kalangkang dina eunteung panineungan urang


Mungguh waktu, kapan jamparing anu melesat

Nyiak ninggalkeun patok demi patok lalakon

Raca tapakna jadi pilar-pilar kakelar



iring-iringan tiba di hadapan Bapak Kepala Sekolah yang telah duduk bersama seorang ibu guru senior, siap memberi doa restu kepada siswa kelas 9 yang akan melanjutkan sekolah.

Kemudian dua orang siswa tersebut sungkem.



Narasi sungkeman :
Bapa   :

Hidep anaking puputon jimat awaking, pek geura regepkeun ku hidep sakabeh, jiad pangdu’a ti ibu bapa  guru hidep, nu dipalar hidep hirup hurip ka hareup. Pek geura patri dina acining padaringan ati sanubari. Cangreud pageuh dina galeuh-galeuh manah anu maneuh. Tungkus dina tungtung kalbu anu saestu. Geura cangcang dina tulang-tulang kahayang nu bakal datang



Anak :

Bapa, ibu, hapunten abdi rumaos teu acan tiasa mulangkeun kadeudeuh, abdi teu acan tiasa nepakeun kanyaah, anu aya ngan geugeuleuh jeung kariweuh. Abdi neda halal ti ibu kalih ti bapa tina sagala rupina, lantaran abdi teu acan tiasa mulang tarima. Mung abdi sadaya neda panuhun kanu Maha Agung mugi-mugi guru abdi sadaya apanjang-apunjung salamina.



Ibu :

Duh, anaking, kolot mah lautan hampura, rido jeung iklas,  ibu reueus reugreug pageuh awor jeung kabungah, lamun hidep sarerea bisa ngojayan pangalaman atikan nu leuwih luhur tur lega. Tapi sawalerna ibu teu ridlo, bapa teu rela, lamun mah hidep kokoleaban na seuneu naraka alatan nyieun dosa na mangsa rumaja. MOal rela lamun hidep joledar tambelar kana tetekon ti anu Maha Linuhung,  ibu humandeuar hariwang sieun karandapan. Omat geulis, kasep, sing bisa nyiar elmu pangaweruh nu leuwih luhur ajen inajenna manan ti MTs.



Anak :

Duh,   bapa, sakitu seueurna kesang anu parantos ngucur dina enggoning ngatik ngadidik abdi sadaya, poho kacape, poho kasieun. Bade kumaha abdi mulang tarima? Nu pareng musingkeun, mungpang, ngabandel pikahariwangeun. Matak hese matak cape. Bapa, hapunten abdi.



Bapa :

Duh … Anaking, geulis jeung kasep,  wanci ieu harepan geus narembongan, nu ngagupay ka hidep sarerea. Bral geura miang tandang udag kahayang, bapa nyerangkeun ti kaanggangan. Diandung pangestu ti ibu dijajap pangdu’a ti bapa.
Bismillah tawakalna anu diseja
Pileuleuyan hidep pileuleuyan …


Selesai sungkem, Bapak Kepala Sekolah menyerahkan Ijazah kepada siswa. 


Narasi :


Pileuleuyan, pileuleuyan, asal urang babarengan
Nyukcruk elmu nyuprih harti, ayeuna baris paturay
                        
Nu dikantun mulus rahayu, nu miang pinanggih bagja.

Rampak sekar
 
Narator



Bral geura miang, dijajap rewu pangdu’a
Dirungrum pangjurung laku, mugia mulus rahayu
Mugia pinanggih bagja, bral geura miang

                                        Geura tandang makalangan



Mung sakitu anu kapihatur pidangan prosesi upacara miangkeun kelas 9.
Hatur nuhun kana perhatosannana
Bobor sapanon carang sapakan, neda agung cukup lumur neda jembar hapuntenna
Wassalamu'alaikum wrohmatullahi wabarokatuh


Rangkaian upacara adat paturay tineung (perpisahan) kelas 9 MTsN Garut, baru akan dilaksanakan Sabtu 13 Juni 2015 nanti. Artinya beberapa hari mendatang. Hari ini para siswa kelas 7 dan 8 baru saja selesai UKK. Setelah itu pengisi acara Upacara Adat, terdiri dari 7 orang nayaga, 2 orang sinden, 6 orang penari, 6 orang ponggawa dan seorang pembawa payung akan berlatih lebih intens.

Doakan semuanya berjalan lancar, ya, sobat. Insya Allah nanti saya posting gambar-gambarnya.




sumber bacaan :

https://uwalengser.wordpress.com/
http://108dharma.blogspot.com/2013/01/rajah-sunda-rajah-pamuka-dan-kidung.html

11 komentar:

  1. duh jadi inget jaman dulu waktu sd ada upacara adatnya juga kaya gitu kata-katanya

    BalasHapus
  2. Seru juga ya Mbak memasukkan acara adat Sunda kedalam rangkaian acara perpisahan sekolah.. Mungkin ini bisa menjadi salah satu alternatif atau solusi utk melestarikan nilai2 budaya dan seni dari daerah Sunda.. sekaligus memperkenalkan tradisi leluhur kepada generasi muda.. good idea Mbak..

    BalasHapus
  3. Seru juga ya Mbak memasukkan acara adat Sunda kedalam rangkaian acara perpisahan sekolah.. Mungkin ini bisa menjadi salah satu alternatif atau solusi utk melestarikan nilai2 budaya dan seni dari daerah Sunda.. sekaligus memperkenalkan tradisi leluhur kepada generasi muda.. good idea Mbak..

    BalasHapus
  4. Jadi inget zaman sekolah teh, dari SMP sampai SMA, ngurusin acara perpisahan. Dari mulai jadi pemain degung, MCnya, bahkan nari. Dan memang menumbuhkan rasa cinta terhadap seni budaya bangsa. Dan harus selalu dilestarikan.

    BalasHapus
  5. unik acara sekolahnya mbak, ini kaya lengser dalam upacara sunda ya

    BalasHapus
  6. jadi inget masa masa sekolah:)

    BalasHapus
  7. Aku berusaha memahami runtutan acaranya Mba, sayang sekali ga paham bahasanya hihihiii... Nguri2 kebudayaan alias ngamumule seperti ini memang penting agar anak2 tidak melupakan asal usulnya.

    BalasHapus
  8. nice posting teh, tapi menurut saya pas nya untuk perpisahan sekolah alangkah baik nya di kenalkan kaulinan barudak sunda yang penuh makna-makna kehidupan..

    kalo lengser kan untuk prosesi nikahan, saya rasa anak-anak akan sulit memahami karena memang belum masa nya...

    BalasHapus
  9. Alhamdulillah... kebetulan sedang cari contoh teks narasi upacara adat sunda, Buat teh Ani Rostiani...
    Abdi ijin, Copy, KAngge acara perpisahan Sakola Abdi,
    Mugia sing mangfaat iyeu Blogna... Haturnuhun kanu kasuhun..

    BalasHapus
  10. haturnuhun, blog iyeu manfaat pisan, teteh, abdi ijin Copy nya, kangge upacara adat 2 minggon deui

    BalasHapus

Silakan tulis komentar anda, sobat. Terima kasih sudah mampir, ya ...